06 Mei 2010

BAPA

Sabada kolotna pipisahan, neng Isem ti kelas tilu sakola dasar geus milu jeung indungna nya eta nyi Imas. Ti harita nepi ka lulus SMA malah mah nepi ka digawe neng Isem can pernah deui nempo bapana nu ngarana Kusman. Alesan utamana nyi Imas mutuskeun pisah jeung salakina teu aya lian nyaeta ti mimiti kawin nepi ka budakna asup sakola, Kusman teu boga pagawean anu tetep jeung lolobana mah nganggur, gawena na teh ngan saukur ngaroko, ngopi jeung cicing di imah. Teu kuat ninggali ka ayaan salakina nu unggal poe siga kitu, nyi Imas buru-buru ngagugat cerei salakina, ngan dasar nu ngarana budak mah, neng Isem nu leutik keneh, bolon jeung can apal nanaon ninggali kajadian siga kitu ngan saukur cicing ngahuleng teu ngarti kajadian naon anu sabenerna nu keur dilakonan ku indung jeung bapana, jeung ti saprak harita nu aya diimahna ngan ukur neng Isem, ninina, jeung nyi Imas. Nyi Imas nu saacana geus digawe dipabrik tekstil jadi leuwih rajin digawena samata-mata jang ngahirupan budak nu hiji-hijina jeung kulawargana oge. Hiji-hijina cara nyi Imas ngarah neng Isem teu poho ka bapana, nyi Imas ngahaja poto Kusman di kamar neng Isem, ngan sanajan diteundeunan poto bapana, tapi tetep neng Isem can pernah nanyakeun kamana bapana indit atawa dimana cicingna.

<<<>>>

Nincak ka bangku SMA dimana neng Isem saeutik lobana geus boga pamikiran anu leuwih asak, dina hatena saeutik-saeutik mimiti bijil bahan-bahan patanyaan jang ditanyakeun ka indungna tangtuna nu pakait jeung bapana. Ku kasabarana, neng Isem neangan waktu anu pas keur tatanya ka indungna.

Nepi ka hiji mangsa sabada solat Maghrib, neng Isem geus ngarasa yen ieu waktu anu pas jang nanyakeun ka indungna. Bari nongton tipi, neng Isem ngadagoan indungna nu masih keneh ngagoreng tahu di dapur. Tapi teu lila ti eta, titukangeun neng Isem kadenge sora indungna ngageroan neng Isem nitah dahar.

“ieu neng tahuna tosa asak!” kitu gero indungna satengah ngagorowok.

“muhun sakedap deui mah pameng nuju nongton.” Tembal Isem rada tarik.

“naha gening asa tara-taraeun biasana ari tos ararasak teh sok langsung lumpat ka dieu neng?”. Nyi Imas nanya deui, tapi ayeuna bari leumpang ka hareup, panasaran naon nu sabenerna keur ditempo ku budakna teh, tapi ditanya kitu neng Isem teu nembalan.

“neng gening keur nongton berita?” ditanya kitu neng Isem masih keneh cicing, tuluy indungna diuk digigireuna, disidik-sidik raray budakna anu memang keur nyimpen gaganjel dina hatena.

“neng, kunaon neng teh?”

“manawi aya masalah disakola, sok carioskeun ka mamah.”

Tapi ngadenge kitu neng Isem teu kuat nahan cimatana anu tungtungna hiji-hiji nyuruluk laun ngabaseuhan pipina. Tuluy bari ngusap cimatana neng Isem mimiti daek pok nyarita ka indungna.

“mah isem teh mung gaduh hiji patarosan anu tos lami hoyong isem taroskeun ka mamah.”

“sok carioskeun weh ka mamah tong asa-asa neng.”

“ari bapa teh saleresna kamana mah?” ngadenge patanyaan siga kitu ti budakana nu salila ieu tara pernah ditanyakeun, nyi Imas ngan ukur cicing, tungkul, ngahuleng jeung mikir rada lila rek mere jawaban naon ka budakna. Tapi teu lila nyi Imas cirambay teu kuat mun ngabayangkeun jalan carita rumah tanggana baheula, tuluy bari saeutik ngarenghap nyi Imas nguatkeun maneh jang ngajawab patanyaan ti neng Isem.

“saleresna bapa teh nuju ngumbara nyiar rijki di lembur batur neng.” Kitu cenah pokna nyi Imas ngajawab.

“naha gening asa tara pernah uih ka bumi?”

“nya panginten teu acan aya waktosna weh neng kanggo bapa uih ka bumi.” Kitu ceuk nyi Imas deui, tapi neng Isem anu ngadenge jawaban kitu ti indungna sabenerna geus apal yen indungna teh ngajawabna teu jujur lain jawaban nu sabenerna. Tapi neng Isem ngarti, manehna moal terus nanyakeun deui anu pakait jeung bapana, komo deui niggali indungna bari cirambay kitu, sabab neng isem sok ngarasa dosa mun ninggali indungna nepi ka ceurik jeung sedih.

“nya atos atuh upami kitu mah, ayeuna mah isem bade tuang heula.” Kitu pokna neng Isem bari cengkat ti tempat diukna ninggalkeun indungna sorangan nu masih keneh tungkul bari jeung sasakali ngusap cimatana. Tidinya neng Isem boga hiji tekad rek neangan bapana ku sorangan, kumaha wae carana.

<<<>>>

Dina hiji waktu isuk-isuk dimana neng Isem rek indit kasakola, tara-tara dikamarna keneh neng Isem nempokeun poto bapana rada lila, malah leuwih lila ti biasana. Tuluy teu lila bijil deui patanyaan-patanyaan dina jero hatena neng Isem.

“dimana atuh bapa teh?”

“kamana angkatna bapa teh?”

“naha bet ninggalkeun isem didieu?”

Tuluy sanggeus dirasa cukup nempokeun poto bapana, neng Isem kaluar ti kamarna, pamit bari jeung nyium leungeun indungna anu masih keneh beberes dikamarna, nya kitu deui neng Isem pamit ka ninina nu keur nyanghunjar dina korsi bari nongton tipi.

“mah, ni, isem angkat heula, assalamualaikum.” Kitu pokna neng Isem dilawang panto.

Di sajajalan nu dipikiran kun eng Isem taya lian ngan ukur bapana, bapana jeung bapana. Gara-gara pipikiran jeung rasa sono anu gede ka bapana nu matak nyieun neng Isem satengah ngalamun alias malaweung hampir-hampir ka serempet ku motor nu keur ngalaju gancang. Nya kitu deui pas keur di jero kelas, neng Isem loba ngalamun teu saeutik-eutik acan merhatikeun kana pelajaran, teu puguh rarasaan terus mikiran kudu kumaha neangan bapana. Nya anu tungtungna neng Isem dititah balik tiheula ku guruna, tapi angger sanajan dititah balik oge neng isem teu bisa ngaleungitkeun kitu wae pikiran ka bapana.

Nepi ka ditengah jalan samemeh gang anu biasa diliwatan kun eng Isem mun indit jeung balik ti sakola, neng Isem nempokeun barudak leutik lobaan keur ngariung, ngeleg, ngaheureuyan jeung nanggap lalaki anu papakeana kalotor jeung rada saroek, buukna acak-acakan, kitu deui leungeun jeung sukuna kalotor harideung, tuluy igel-igelan teu pararuguh.

Nugelo…nugelo…nugelo…kitu ceuk barudak leutik bari terus ngaemprakan eta lalaki anu tuluy ngigel bari sura seuri. Ninggali kitu neng Isem panasaran ngadeukeutan, nyidik-nyidik ti kadeukeutan gurat rarayna asa ngingetkeun manehna ka hiji jelema, neng Isem tuluy buru-buru kurah-koreh kana tas na neangan dompetna anu masih keneh nyimpen poto indung jeung bapana, ku neng Isem dipolototan eta lalaki teh bari sasakali nempo kana potona, tapi sanggeus bulak balik ninggali ka lalaki jeung kana poto, neng Isem mimiti saeutik yakin bari satengah asa-asa nebak yen eta lalaki teh moal salah deui nya eta bapana anu diteteangan salila ieu, bari tetep nangtung neng Isem teu kuat nyurulukkeun cimatana, teu lila ti eta neng Isem tuluy berebet lumpat ka imahna, bari ngageroan indungna.

“mamah…mamah!!” kitu gero neng Isem. Tuluy tijero imah nyi Imas nu ngadenge eta sora buru-buru mukakeun panto bari jeung reuwas ninggali neng Isem lulumpatan bari ceurik balilihan siga kitu.

“aya naon neng?!” kitu neng Isem ditanya ku indungna, tapi neng Isem teu langsung ngajawab, neng Isem kalahkah nungtun indungna kaluar ti imah di bawa ka jalan.

Nepi di tungtung gang nyi Imas ditinggalikeun ku budakna ka lalaki anu masih keneh igel-igelan di riung kubarudak leutik, teu lila ti eta sanggeus nyi Imas nyidik-nyidik ka eta lalaki, ahirna mah nyi Imas ge teu kuat nahan cimatana, nyi Imas jeung neng Isem ceurik duaan bari niggalikeun tuluy ka lalaki eta.

“jawab ka abdi mah, saha eta teh?” neng Isem nanyakeun bari ingsreuk-ingsreukan.

“enya, eta bapa neng teh.” Kitu ceuk nyi Imas ka budakna anu sarua ceurik ninggali kanyataan siga kitu, tuluy nangkeup budakna bari panonna terus teu ingkah ninggali eta lalaki anu keur igel-igelan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar