11 Mei 2010

TUKANG CUKUR

Di tengah poe anu panas mentrang, dihandapeun tangkal anu ngajulang luhur nu mawa hawa tiis, kang Astam tukang cukur anu biasa mangkal disisi jalan dihadapeun eta tangkal, keur sibuk nyukuran lalaki geus rada kolot malah leuwih kolot ti kang Astam, nu ngakuna pangsiunan pagawe negri. Bari nyukuran eta lalaki anu sakapeung sok katinggali nundutan, kang Astam teu weleh sok ngajak ngobrol, tapi sabenerna mah lain ka lalaki eta wae kang Astam ngajak ngobrol teh, tapi ka unggal palanggan anu dicukur di tempat kang Astam. Rupa-rupa nu sok diobrolkeun ku kang Astam jeung palanggana teh, ti mimiti masalah kahirupan, pagawean, kulawarga nepi ka masalah kaayaan nagara. Nu matak teu saeutik palanggan kang Astam nyebut manehna ku rupa-rupa julukan, aya nu nyebut “tukang cukur pinter” , “tukang cukur resep ngobrol” jeung sajabana. Beuki kadieu tempat cukur kang Astam lain ngan saukur jang nu rek dicukur buukna hungkul, tapi geus jadi sarupaning tempat ngariung, anu lolobana mah bapa-bapa ti rupa-rupa profesi, loba nu ngarasa genah mun ngobrol jeung kang Astam, nya kitu deui alesanna ge rupa-rupa aya nu nyebutkeun cara ngomong kang Astam mah ngeunaheuh, dipikangarti, sederhana, nyakola, jeung malah aya oge nu nyebut cara ngomong kang Astam mah siga professor, doktor, jeung deui hiji hal anu jarang aya ditempat-tempat cukur nyaeta kang Astam mah sabada beres nyukuran palangganna teh sok nyuguhan sacangkir teh haneut, kadang-kadang mun aya opieuna mah nya jeung opieuna disuguhkeun teh, kitu salah sahiji cara kang Astam meungkeut tali silaturrahim jeung unggal jelema khususna jeung palangganna. Jeung salian ti eta nu geus digambarkeun kabeh, tujuan kang Astam ngalakonan jadi tukang cukur teh lain ngan saukur neangan duit hungkul, tapi samata-mata haying ngajalin silaturrahim jeung kabeh jelema, nu matak kang Astam mah tara ngamasalahkeun jeung tara dijieun rieut ku sabarah meunang panghasilan tina sapoena, ceuk kang Astama mah “nu penting mah cukup keur dahar duaan jeung pamajikan.”

Dua budak lalakina nu geus kulawargaan, geus sibuk ku urusan rumah tanggana sewang-sewangan, ngan sataun sakali maranehna bisa ngariung di imah kolotna eta ge pas poe lebaran hungkul, dina poe-poe sejen mah lebeng, paling banter barudakna kang Astam mere kabar teh liwat cara ku ngirim surat, kadang sasakali sok ngirim wesel. Tapi naon wae anu katarima jeung nu katampanan ku kang Astam, manehna tetep narima kalawan ngucap syukur, sok sanajan naon nu dipigawe ku kang Astam teh sakapeung teu dianggap ku jelema-jelema aya.

<<<>>>

Kang Astam nempo lalaki nu keur dicukurana rek ngalenggut, tapi kang Astam buru-buru ngajak ngobrol ka eta lalaki, sabab mun dicukur tuluy bari lelenggutan kitu, kang Astam ngarasa moal anggeus-anggeus nyukurana, tapi sabot ngalenggut tukuy hudang deui, eta lalaki teu weleh menta hampura ka kang Astam.

“aduh punte kang, asa ku tunduh-tunduh teuing ieu teh.” Kitu ceuk eta lalaki.

“keun weh pa, dan memang hawana siga kieu, da panginten abdi oge bakalan tibra upami nuju teu nyukuran mah.” Kitu tembal kang Astam.

“muhun nya eta.”

“supados teu tunduh mah urang bari ngobrol weh pa lah.”

“ari bapa teh kawitna didamel dimana?” kang Astam tatanya bari tuluy nyukuran.

“ari abdi mah kapungkur damel teh di dinas p.u.” ceuk eta lalaki geus katinggali rada cenghar.

“teras ari ayeuna masih keneh?” kang Astam nanya deui.

“tos pangsiun pa.”

“ooh, teras ayeuna sibuk naon atuh pa?”

“aaah ayeuna mah ngurus incu weh sareng ninina dibumi, da kaleresan ku pun anak teh sok dititipkeun dibumi.”

“resep pa lah etang-etang ngabangbrangkeun.” Kitu ceuk eta lalaki.

“muhun atuh naon weh ayeuna mah nu sakira tiasa nyenangkeun hate, da ari yuswa siga urang kieu mah midamel teh ulah nu matak jangar kana sirah sareng pi araleun.”

“tah eta leres pisan pa!”

“ari putra sabaraha kitu pa?” kang Astam tuluy nanya.

“putra mah abdi gaduh dua sareng incu nembe tilu.”

“geningan sami sareng abdi, da abdi ge gaduh putra teh dua, mung incu mah nembe dua, teras dimarana ayeuna?”

“ah araya weh pa teu tebih-tebih, biasa weh didaramel sapertos kulawarga ngora sanesna.”

“oh kitu, sukur atuh nya pa.” ceuk kang Astam ayeuna tinggal ngarapihkeun saeutik buuk eta lalaki.

“ke…ke…ke abdi ge janten hoyong terang yeuh.” Ceuk eta lalaki teh.

“hoyong terang naon pa?” ceuk kang Astam rada panasaran.

“muhun ari bapa teh kawit damel dimana, naha ti kapungkur tos jadi tukang cukur?”

“ah sami weh abdi ge pangsiunan pa.” ceuk kang Astam

“oh.” Ceuk eta lalaki disangka kang Astam teh sarua pangsiunan pagawe negri.

“ari putra dimarana ayeuna?”

“nya eta putra abdi mah tarebih ayeuna mah!”

“tebih dimana maksadna?” ceuk eta lalaki tuluy nanya bangun nu hayang nyaho.

“nya anu pang ageungna sakulawarga ayeuna linggih sareng didamel di jepang, atuh nu kadua ge sami sareng kulawargana mung di Australia tapi salian ti didamel anjeuna ge neraskeun sakola diditu teh.” Kitu ceuk kang Astam.

“aduh hebat gening pa gaduh putra teh palinter sareng sarukses kitu!”

“ke…ke…ke…asa kaingetan, ari bapa kapungkur teh pangsiunan timana?” tanya eta lalaki deui beuki panasaran haying apal saha sabenerna anu keur nyukurana teh, tapi kang Astam teu langsung ngajawab, tuluy bari ngaberesan sesa-sesa buuk nu masih keneh narempel dina punduk eta lalaki, ahirna kang Astam ngajawab.

“abdi mah kapungkur teh anggota dewan pa.” ceuk kang Astam laun, ngadenge kitu eta lalaki katinggali rada reuwas bari ninggali kana raray kang Astam nu keur seuri dina kaca.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar