21 September 2010

MONOLOG KARYAWAN BIMBANG

Isuk-isuk diuk dina bangbarung bari make sarung, jang Eman ngahuleng teu puguh rarasaan, salaku karyawan nu geus mang taun-taun digawe, euweuh deui nu dipikiran ku jang Eman salian ti masalah pagawean, komo masalah jang neangan calon pamajikan mah, teu saeutik-eutik acan ngaliwat kana pikirana jeung dina gerentes hatena, tuluy naon atuh sabenerna nu keur dipikiran jeung nu dipiharep ku jang Eman teh?

Ceuk jang Eman :

“mun dipikir-pikir deui ku kuring, digawe geus mangtaun-taun asa can ngarobah kana kahirupan kuring, gajih naek ku naekna tapi da angger dirarasa mah asa teu mahi jeung teu mahi, beak ku kabutuhan sapopoe anu beuki dieu beuki beurat, nepi ka ayeuna kuring ge can wani nyicil motor, komo deui imah jeung mobil, tipi nu tinggal dua siki teh kahayang mah diganti kunu rada gede, jangji rek meuli arloji nu udung nepi ka kiwari can kaduitan, kukumpul duit gajih jang nyieun pabrik tahu can laksana nepi ayeuna, malah mah teu jarang duit sesa gajih sabulaneun ngan saukur dua bungkuseun udud, katambah deui dunungan nu sok ambek-ambekkan teu pupuguh, sakapeung sok mawa teu puguh kana digawe teh jeung asa ku teu betah na teh dunungan boga rencana rek nambah jam digawe jadi rada panjang, ninggali kaayaan kieu kuring sok hayang nyiar deui pagawean nu lain, tapi da rek neangan kamana deui, kuring digawe ditempat nu ayeuna ge meunang ngasupkeun si ewon, bari jeung hese eta oge, aya ku daek manehna nulungan kuring, emh nuhun won, ari ninggali kieu mah, rarasaan teh asa jauh keneh kana tujuan rumah tangga, jeung ku kaayaan kieu kuring can wani ngadeukeutan sasaha, kaasup nyi imas nu daekeun ka kuring asa kuring geus boga motor, duh gusti hapunten kana sagala ka kirang syukuran abdi, mugi-mugi abdi di jantenkeun ku Anjeun kalebet kana golongan jalmi ani ahli syukur sinareng dicekapkeun sagalana, amin.” Kitu ceunah ceuk jang Eman tuluy nyuruput cikopi jeung nyeungeut udud nu tinggal tilu batang pamere ti si Ewon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar